Pihapekeun Pamajikan Ka Mitoha Diperpanjang

61

GEUS dua taun rek lungkuh-lengkah nu rada merenah teh asa karingkus dumeh aya keneh panyakit anu matak ngabalukarkeun balai. Atuda ari rek cicing bae di imah, apanan urang teh kudu ihtiar keur nyumponan pangupa jiwa, hususna pikeun ngabayuan anak jeung pamajikan. Ari rea teuing icikibung, komo jeung pabaur jeung jalma rea, asa araringgis bisi katepaan panyakit.

“Angkat kamana bae dinten ieu, asa teu katingali kaluar, Mang?”  tanya Si Otong, ngabalibitan.

“Indit kamendi atuh, karesel mah karersel, ngotokowo bae di enggonteh. Rek kitu rek kieu asa sarwa salah,” tembal Mang Suadma.

“Eta mah wayahna we atuh Mang, urang teh nuju ihtiarngingkahan panarajang pirus sangkan teu katepaan. Margi upami katepaan eta panyawat resikona  oge abot. Langkung sae Mamang aya di bumi,” omong Si Otong.

“Ceuk andika kitu soteh, apanan Mamang mah lamun teu ngalengkah moal beubeunangan, jaba di imah didagoan ku aseupan nangkub. Apanan kudu dibalikeun menta dieusian ku beas tea,” omong Mang Suadma.

“Ari nyarios teh teu kedah diageung-ageungkeun, Mang.  Biasa-biasa bae atuh, da abdi ge teu naon-naon geuningan,” tembal Si Otong.

“Heueuh, cicing bae di imah teh andika, aya arep-arepeun da meunang gajih ti nagara. Ari kaula, mun teu ngalengkah apanan didagoan ku seeng nu ngereng-ngereng. Nu matak keur jaman sakieu, anu tenang mah  nu baroga gajih, teu keuna ku dampak ieu jeung itu,” tembal Mang Suadma.

“Ah… saur saha Mamang teh, sadayana oge sami keuna ku eta bangbaluh,” jawab Si Otong.

“Andika ulah sok ngeuweuhkeun rejeki ti Gusti Nu Maha Kawasa, masing rea nu rumahuh alatan kabentur ku kaayaan angger we nu boga pancuran emas mah leuwih onjoy tibatan anu hirupna koreh-koreh cok,” omong Mang Suadma.

“Manawi sami bae jalmi mah sok silih sangka sareng nu sanes.  Punten tumaros, dupi tuang istri asa tos lami tara katingali, nuju angkat kamana kitu?” tanya Si Otong, panasaran.

“Waduklah…! Sakieu keur usum tirisna, pamajikan euweuh di imah. Mamang mah salah nyaram, salah nitah, kumaha kersana bae. Eta mah rek nuturkeun Mamang heug, asal daek sobarna satungtung usum kieu. Atuh bisi rek mindah-mindah rasa cicing di mitoha seug da sarua bae ka kolot. Mamang moal maksa nu penting padu manggih dahar bae ayeuna mah. Kusabab ieu pirus mahabu keneh di lembur urang aya nu mere bongbolong dina Medsos; Pihapekeun Pamajikan Ka Mitoha (PPKM) diperpanjang itung-itung ngurangan risiko dapur. Sasapaan teuing…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)